Khutbah ka Hiji

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. الله أكبر كبيرا و الحمد لله كثيرا و سبحان الله بكرة و أصيلا، الله أكبر ما تحرك متحرك و ارتج، و لبى محرم و عج، و قصد الحرم من كل فج, وأقيمت لله في هذه الأيام مناسك الحج، الله أكبر ما نحرت بمنى النحائر، وعظمت لله الشعائر، وسار إلى الجمارات سائر، وطاف بالبيت العتيق زائر، الله أكبر إذا أفاضوا لزيارة الطواف مكبرين، وللسعي بين الصفا و المروة مهرولين، وللحجر الأسود مستلمين و مقبلين، ومن ماء زمزم شاربين و متطهرين. الله أكبر سبحان ذي الملك و الملكوت، سبحان ذي العزة و الجبروت، سبحان الحي الذي لا يموت، سبحان ربك رب العزة عما يصفون. وسلام على المرسلين و الحمد لله رب العالمين
أحمد الله حمد من وفقه فعرفه، وأشكر الله على ادراك ذي الحجة ويوم عرفة. واشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له، وأشهد أن سيدنا محمدا عبده و رسوله نبي أرسله الله بالرحمة و الرأفة. اللهم صل وسلم وبارك على محمد و على اله و أصحابه اولى التقوى و المعرفة وسلم تسليما كثيرا
أيها الناس اتقوا الله حق تقاته ولا تموتن إلا وأنتم مسلمون. قالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ الكَرِيْمِ : يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَلْتَنظُرْ نَفْسٌ مَّا قَدَّمَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوا اللَّهَ إِنَّ اللَّهَ خَبِيرٌ بِمَا تَعْمَلُونَ

Hadirin Sidang Idul Adha Rahimakumullah

Durugdugna sora dulag, gumuruhna sora takbir nu dikumandangkan ku jutaan letah umat muslim, teu pandang bulu ti budak nepi ka kolot, awewe lalaki, nu sehat oge nu udzur, nu berjamaah oge nu nyalira-nyalira, bahkan nu urang teu paham bahasana tikawit sasatoan, tutuwuhan, cai, jeung sajabana ngumandangkeun takbir, tahmid tur tahlil ti wanci kamari malah dugi 3 poe kapayun nandakeun kaagungan Allah tur istimewana ieu bulan, dugika hate urang ngaraos leeh, ati ceurik balilihan emut kana Agungna Allah tur leutikna urang.

Hadirin Sidang Idul Adha Rahimakumullah

Kalimah takbir selalu diajarkeun ka urang tikawit urang ngumandangkkeun adzan, qomat, ngawitan sholat, pepeuncitan, orok nu brol ka alam dunya di harewosan kalimah Allah, anu kamaotan, anu angkat ziarah ka tanah suci, nalika peperangan jeung sajabana. Hal ieu maparin isyarat yen wungkul Allah nu Maha Agung. Salain Allah mah sadayana oge perkara anu leutik tur aya tungtungna. Tikawit harta, pangkat, jabatan, rupa, kakuatan, katenaran, eta perkara anu leutik. Teu saalit anu beunghar tiba-tiba malarat, nu tenar tiba-tiba di gubragkeun ku Allah, Kakasepean tur kageulisan sirna kalawan waktu.

Hadirin Sidang Idul Adha Rahimakumullah

Dina sababara hadits, Kangjeng Rosulullah SAW ngisyaratkeun kaagungan ieu bulan, diantawisna hiji hadits nu diriwayatkeun ku Imam Bukhori:

مَا الْعَمَلُ فِي أَيَّامِ الْعَشْرِ أَفْضَلُ مِنَ الْعَمَلِ فِيْ هَذِهِ، قَالُوا: وَلاَ الْجِهَادُ؟ فَقَالَ: وَلاَ الْجِهَادُ إِلاَّ رَجُلٌ خَرَجَ يُخَاطِرُ بِنَفْسِهِ وَمَالِهِ فَلَمْ يَرْجِعْ بِشَيْءٍ

Anu Hartosna :
"Teu aya amalan nu leuwih utana nu ngaleuwihan amalan di Bulan Dzulhijjah ieu.
Sohabat naros: Kumaha upami Jihad? Rosul ngawaler: Henteu jihad oge, anging jalmi anu jihad dijalan Allah ku dirina tur hartana, bari teu balik deui ti pangperangan"


Ieu hadits nunjukeun kautamaan bulan Dzulhijjah, tikawit amalan sodakoh, saum, dzikir jeung sajabana, dugika antukna poe ieu nyaeta Sholat Idul Adha tur peupeuncitan dugika dintenan tasyrik.

Tatapina urang teu pati ngarasakeun kaistimewaan ieu bulan, nu jadi sabab urang sibuk teuing ku urusan dunya, euphoria ku urusan Calon Presiden tur Wakil presiden, anu balukarna kalahkah sibuk silih gorengkeun, silih fitnah, perang sosmed, dulur jeung dulur teu pati hade, tatangga jeung tatangga teu akur, ari padahal hirup kudu jeung polotik tapi politik kudu di wengku ku kaimanan tur kataqwaan.

ُاَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ و للهِ الحَمْد

Poenan Kurban atanapi Idul Adha teu leupas tina sejarah Nabi Ibrahim, anu diabadikeun dina Al-Qur'an Surat As-Shafat ayat 99-111. Sok sanaos praktek Qurban tos dikawitan ku palaputra Nabi Adam nyaeta Habil tur Qabil, anu dina sejarahna kurbana Habil anu ditampi ku Allah. Eta oge sanes daging tur getih anu ditarima, tatapina kataqwaan anu kurban. Allah SWT ngandika :

لَنْ يَنَالَ اللَّهَ لُحُومُهَا وَلا دِمَاؤُهَا وَلَكِنْ يَنَالُهُ التَّقْوَى مِنْكُمْ

"Daging-daging tur getih na moal bisa ngahontal karidloan Allah, tatapina kataqwaan aranjeun anu bakal ngahontalna" (AlHajj:37)

Syareat Qurban dikawitan ti zaman Nabiyullah Ibrahim AS, dimana Nabi Ibrahim diparentah ku Allah supaya ngurbankeun nu jadi putra anu pang dipikanyaahna. Hiji putra anu kasep, soleh, harepan sakabeh indung bapa. Sejarahna yen nabi Ibrohim kacida mikahoyong ngagaduhan murangkalih, bari istrina lami teu kakandungan. Du'a Nabi Ibrohim AS :

رَبِّ هَبْ لِي مِنَ الصَّالِحِينَ

"Ya Rabb, paparinkeun ka abdi murangkalih anu sholeh"

Nya Nabi Ibrohim dipaparin putra anu kacida solehna nyaeta Nabi Ismail AS. Tatapina nalika Nabiyullah Ismail tos yuswa kinten 7 taunan, Allah maparinkeun ujian, ujian anu kacida abotna, anu teu satiap manusa tiasa nyandangan nana, nyaeta parentah supaya ngurbankeun nu jadi putrana.

Hadirin Sidang Idul Adha Rahimakumullah

Kabayangkeun ku urang, ngagaduhan murangkalih anu dimpen-impenkeun, bari ieu murangkalih teu aya cacadna, estu nurut ka nu janten sepuhna, kacida abotna tangtosna hiji sepuh keur ngalaksanakeun nana. Tatapina teu tiasa kumaha da ieumah parentah Nu Maha Kawasa, parentah zat nu Maha ngatur, parentah Zat Nu Maha Mulya, maka nabi Ibrohim ngalaksanakeun parentah Allah kalawan Ikhlas, tur nyakitu deui nu janten putrana Nabi Ismail AS.

Nalika mangsana Nabi Ibrohim siap ngurbankeun nu janten putrana, Nabi Ibrohim lulus tina ujian. Mangka Allah marentah Malaikat Jibril supaya ngagentos Nabi Ismail Kalawan Domba / Qibas ti surga anu kacida ageungna. Sakumaha di jelaskeun dina Al-Qur'an :

إِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاءُ الْمُبِينُ. وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ. وَتَرَكْنَا عَلَيْهِ فِي الْآَخِرِينَ. سَلَامٌ عَلَى إِبْرَاهِيمَ. كَذَلِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَ. إِنَّهُ مِنْ عِبَادِنَا الْمُؤْمِنِينَ

"Saestuna ieu bener-bener ujian anu nyata. Tuluy ku Kami di ganti kalawan peupeuncitan anu agung. Ku kami diabadikeun ieu pujian keur jalma anu datang di akhir. Kasalametan ka Ibrahim. Nyakitu deui kami bakal maparin ganjaran ka jalma anu milampah hade. Saestuna Ibrahim sabagean tina abdi-abdi kami anu sholeh"

Hadirin Sidang Idul Adha Rahimakumullah

Tina sejarah Nabi Ibrohim tadi, urang tiasa nyandak sababaraha pelajaran diantarana :

Kahiji, urang salaku abdi Allah senantiasa diuji. Terkadang ujian anu hade, Harta, putra, rupa, kakuatan, pangkat, kamulyaan eta ujian. Anu terkadang urang teu sadar keur diuji ku Allah. Terkadang urang diuji kurupa-rupa cocoba, di Lombok dulur urang diuji ku gempa, di Mekah ku Angin, di sapalih tempat ku Banjir jeung sajabana.

Selaku jalma anu iman, dimana diapungkeun ku ujian anu hade ulah apung-apungan di ganjel ku Syukur, dimana diuji ku peurih tong rumahuh, angguran ganjel ku Sabar.

Kadua, pelajaran tina kisah Nabi Ibrohim nyaeta totalitas penghambaan ka Allah. Kataatan ka Allah teu bisa di tawar-tawar, angger mutlak kudu dilaksanakeun sakumaha beuratna. Dalah Nabi Ibrohim di uji ku putra lulus, terkadang ujian ka urang teu pati sabaraha., tapi seueur rumahuh tur teu sabar kana rupa-rupa ujian.

Katilu, sok sanaos tadina Allah miwarang ngurbankeun Nabi Ismail, tatapi ku Allah di gentos ku Gibas ti surga, ieu nandakeun kahormatan manusa. Haram numpahkeun darah sasama. Kudu sili mikawelas mika asih. Hariwang dijaman kiwari tina masalah sepele jadi masalah gede, nyawa manusa dianggap murah, babari numpahkeun darah sasama, padahal ieu dosa kalintang ageungna.

Kaopat, hakikat daging kurban mangrupakeun simbol. Anu intina urang kedah tiasa ngorbankeun waktu, harta, jiwa tur raga kanggo kepentingan Ummat tur kapentingan Agama.

Kalima, urang kudu tiasa meuncit nafsu bahimiyyah, nafsu sato nu aya dina diri Urang. Nafsu sato nu teu aya ka era, nu teu paduli halal haram, nu pasea jeung sasama, nu mentingkeun diri sorangan, tur nafsu-nafsu anu goreng laina.

Kasimpulana, seueur pisan pelajaran anu ku urang tiasa dicandak tina peristiwa Qurbana Nabiyullah Ibrahim tur putrana Nabi Ismail AS. Mugia amal ibdah urang sing ditampi ku Allah, termasuk ibadah Qurban anu bade dilaksanakeun dinten ieu atanapi enjing pageto.

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنْ آيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم

Khutbah ka Dua

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ.

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا

أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Disusun ku : Ust. Ujang Ismatullah
Didugikeun dina Khutbah Idul Adha, 22 Agustus 2018
di Masjid Al-Huda, Bojongasih Parakansalak, Sukabumi
idul adha